Soal PAS/UAS Bahasa Sunda Kelas 11 SMA/MA Semester 1 Tahun 2021

Soal UAS Bahasa Sunda Kelas 11 Semester 1 Tahun 2021
Soal PAS/UAS Bahasa Sunda Kelas 11 SMA/MA Semester 1 Tahun 2021
Download Soal PAS/UAS Bahasa Sunda Kelas 11 SMA/MA Semester 1 (Ganjil/Gasal) beserta kunci jawaban Kurikulum 2013 (K13) revisi 2018 Tahun Ajaran 2021/2022.
PAS (Penilaian Akhir Semester) atau juga sebelumnya dikenal dengan sebutan UAS (Ulangan Akhir Semester) merupakan kegiatan penilaian yang dilakukan pada akhir semester berdasarkan kalender pendidikan Indonesia. 
Merujuk pada kalender pendidikan nasional tahun ajaran 2021/2022, Kegiatan UAS/PAS Semester 1 akan dilaksanakan pada awal bulan Desember tahun ini. 
Namun meskipun demikian, kegiatan ini dapat disesuaikan dengan program/kebijakan sekolah yang bersangkutan atau dinas pendidikan setempat dalam menentukan kapan Kegiatan UAS/PAS Semester 1 tahun 2021 dilaksanakan.
Dilaksanakannya UAS/PAS ini bertujuan untuk menguji kemampuan peserta didik/siswa yang sebelumnya telah mendapatkan pembelajaran selama semester 1 berlangsung.
Siswa yang nantinya memperoleh nilai PAS/UAS sesuai standar KKM/KBM yang sudah disepakati oleh waka kurikulum dan juga dewan guru maka dapat dipastikan bahwa siswa tersebut sudah memahami materi yang disampaikan oleh Bapak/Ibu Guru. Akan tetapi, jika siswa mendapatkan nilai kurang dari KKM guru, peserta didik dapat melakukan perbaikan soal dan melaksanakan program remedial.
Soal UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 11 SMA/MA Semester 1 Kurikulum 2013 Tahun 2021 yang akan Andronezia bagikan ini telah disesuaikan dengan panduan penulisan soal-soal PAS/UAS SMA/MA dengan HOTS. 
Yang tentunya supaya mengikuti Surat Edaran Pemerintah yang beberapa waktu lalu di publikasikan oleh Kemendikbud yang berbunyi bahwa soal-soal UAS/PAS SMA/MA ataupun soal-soal ulangan yang lain pada Kurikulum 2013 harus memenuhi ketentuan standar soal terbaru dan harus sudah terintegrasi dengan pembelajaran HOTS (Higher Order Thinking Skills).
Selain itu, Soal PAS/UAS Bahasa Sunda Kelas 11 SMA/MA Semester 1 Kurikulum 2013 ini juga dibuat dari perkiraan soal-soal latihan UAS/PAS Kurikulum 2013 dan juga bersumber dari kisi-kisi soal Kurikulum 2013.
Soal UAS Kelas 11 SMA/MA Semester 1 Bahasa Sunda yang Andronezia bagikan ini memiliki total 45 soal, dengan rincian 40 soal Pilihan Ganda dan 5 soal Essay. Sebagai contoh, berikut contoh Soalnya:
I. Pilihlah salah satu jawaban yang paling tepat pada pilihan A, B, C, D dan E di bawah ini!
1. Hiji jalma anu jadi panengah atawa pingpinan sidang boh dina rapat atawa diskusi, anu ngajejeran pasualan diskusi jeung ngatur padungdenganana disebut …..
A. OratorD. Panata acara
B. ModeratorE. Pamilon
C. Panata calagara
2. Nampung unggal saran, méré kasempetan pikeun nepikeun gagasan ka peserta diskusi, nyatetkeun pananya dina diskusi, kaasup sababaraha hal anu jadi tugas panumbu catur utamana dina bagéan …..
A. Mungkas diskusi
B. Nutup diskusi
C. Nyindekkeun diskusi
D. Ngatur jalanna diskusi
E. Muka diskusi
3. Nu kaasup kana pancén panumbu catur dina muka diskusi diantarana nya éta …..
A. Nepikeun jejer diskusi
B. Nengahan nu padungdeng
C. Nampung unggal saran
D. Ngahaturkeun nuhun ka nu hadir
E. Ménta dihampura bisi aya kasalahan
4. ….. Pamungkas, mugia diskusi ieu janten salah sahiji jalan supados pikiran urang langkung jembar. Neda dihapunten bilih aya basa anu kirang merenah kana manah. ….. Ungkara di luhur kaasup kana caritaan panumbu catur dina bagéan …..
A. BubukaD. Pedaran
B. EusiE. Panutup
C. Sanduk-sanduk
5. Di handap ieu kaasup kana rédaksi nalika panumbu catur ngatur jalanna diskusi, nyaéta …..
A. Sakitu anu kapihatur, mugia urang sadaya janten siswa-siswi anu cageur, bageur, pinter, bener, singer, tur parigel.
B. Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.
C. Haturan ka pangjejer kahiji, Bapa Ridwan Kamil kanggo ngadugikeun pedaranana.
D. Sampurasun… Hatur nuhun ka sadérék panata acara nu parantos masihan waktosna.
E. Hapunten bilih aya basa nu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun hampura anu diteda.
6. Dina lumangsungna acara diskusi, panumbu catur kudu boga sikap nétral. Nétral di dieu hartina …..
A. Kudu ngawasa materi diskusi
B. Kudu ngabéla baladna
C. Mihak ka salah sahiji pamilon
D. Jadi panengah dina diskusi
E. Kudu pinter nyarita maké basa nu hadé
7. Dina hiji diskusi atawa debat, sok loba pamilon, ogé panumbu catur anu nyarita ngagunakeun paribasa atawa babasan, misalna ”Hapunten sim kuring badé ngiring cumarios, ieu mah étang-étang lauk buruk milu mijah baé”. Paribasa anu ditulis déngdék téh maksudna …..
A. Bakat ku hayang milu nyarita
B. Hayang mili nyarita siga batur
C. Hayang nyarita tapi éra
D. Siga lauk nu hayang nyarita
E. Hayang mijah siga batur
8. Ieu masalah téh geus jadi sabiwir hiji, kudu jadi perhatian saréréa, piraku urang rék cicing baé. Maksud babasan nu ditulis kandel maksudna nya éta …..
A. Kabéh geus pada nyarita
B. Kabéh geus boga biwir
C. Béjana geus nyebar kamamana
D. Biwirna kabéh ngan tinggal hiji
E. Geus jadi rusiah saréréa
9. Sikep nu kudu dipimilik ku saurang panumbu catur diantarana nya éta …..
A. Nétral, objéktf, adil
B. Pinter, kasép, bageur
C. Amis budi, beunghar, taliti
D. Gaya, kawentar, luwes
E. Tegas, keras, bisa diajak kompromi
10. Kalimah nu ngagunakeun kecap sulur di handap ieu nu hartina nuduhkeun milik kuring nya éta …..
A. Abdi mah badé mios ka Bogor téh ngké waé ngantosan pun bapa mulih ti Jakarta.
B. Sim kuring mah rumaos teu gaduh kamampuh dina widang usaha téh.
C. Upami tuang rama téh damelna dimana?
D. Sim abdi mah ti kawit yuswa 5 taun téh tos dikantunkeun ku nu jadi nini.
E. Kamari abdi pendak sareng tuang raka téh di Alfamart, badé balanja katingalna mah.
11. Kalimah Éta téh pun adi anu katilu, anu nuju sakola di SMP téa, ngabogaan makna …..
A. Adi anjeun aya tilu, tiluanana sakola di SMP
B. Kuring teh adi anu nomer tilu masih sakola di SMP
C. Anjeun téh jadi adi nu katilu anu sakola di SMP kénéh
D. Anu sakola di SMP téh adi kuring anu katilu
E. Kuring boga adi anu tiluanana sakola kénéh di SMP
12. Dina tata basa Sunda aya istilah anu disebut kecap sulur anu hartina nya éta …..
A. Kecap gaganti jalma
B. Kecap gaganti barang
C. Kecap gaganti pagawéan
D. Kecap gaganti sifat
E. Kecap gaganti kaayaan
13. Di handap ieu kaasup kana kecap sulur, kajaba …..
A. Sim kuringD. Pun abdi
B. Tuang rakaE. Tuang paman
C. Pun biang
14. Karangan fiksi atawa rékaan anu ditulis dina wangun lancaran ( prosa ) nu eusina nyaritakeun kahirupan sapopoé kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut nu macana disebut …..
A. Long short storyD. Story telling
B. Long storyE. Novel
C. Short story
15. Di handap ieu anu henteu kaasup kana ciri-ciri carpon diantarana nya éta …..
A. Sumebar dina wangun tulisan
B. Konflik caritana basajan
C. Caritana pamohalan
D. Peristiwana tunggal
E. Caritana rélatif pondok
16. Peuting isukna, asa horéam ka masjid téh. Keur mah hujan ngaririncik baé, katurug-turug tadi bada asar patih goah ngumumkeun kaleungitan kurabu sabeulah. Teu karasa muragna, cenah. Teuing na kasur, teuing di kamar mandi, teuing di mendi. Saréréa ubyag néangan. Ka kolong-kolong kasur dibatréan. Lapur atuda éta mah sakadang kurabu. Mangkaning hargana lumayan rada ayaan, bubuhan bahanna tina platina.Poko pikiran utama tina sempalan carpon di luhur nya éta …..
A. Hujan ngaririncik
B. Horéam ka masjid
C. Kurabu tina platina
D. Béwara ti patih goah
E. Leungitna kurabu sabeulah
17. Unsur intrinsik nu atra/ jelas katingali dina sempalan carpon dina nomer 16 nya éta …..
A. SéttingD. Amanat
B. PlotE. Palaku
C. Point of view
18. Nu paling mimiti kudu dilakukeun upama urang rék diajar ngarang atawa nyieun carpon téh nya éta …..
A. Nangtukeun judul
B. Néangan idé/ilham
C. Nangtukeun amanat
D. Nangtukeun ngaran-ngaran palaku
E. Nangtukeun point of view
19. Aya sababaraha téknik nu bisa dilakukeun dina nganalisis carpon téh, diantarana ku cara ngarobah carita jadi hiji gambar nu langsung maké média patlot jeung kertas, anu ngawakilan eusi carita sacara gembleng. Téknik ieu disebut …..
A. Info grafis manualD. Y-Chart
B. Fish boneE. A-I-H
C. Info grafis digital
20. Analisis hiji carpon kudu ngawengku kana sakabéh unsur pangwangun carpon. Unsur pangwangun carpon téh ngawengku …..
A. Unsur intrinsik
B. Unsur ékstrinsik
C. Unsur imajinasi
D. Unsur intrinsik jeung ékstrinsik
E. Téma jeung amanat
21. Runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka ahir dina hiji carita disebut …..
A. SéttingD. Point of view
B. AmanatE. Plot
C. Jejer
22. Carpon mangrupa karya sastra atawa karangan fiksi anu unsur hayalan atawa imajinasina ngabogaan sifat …..
A. RéalistisD. Mistis
B. SuréalisE. Liris
C. Réformis
23. Téknik reviu hiji karya anu ngadopsi pola 5W + 1H pikeun nganalisis kasus jeung hasil anu mangrupa analisis unsur intrinsik jeung ékstrinsik disebut téknik …..
A. Y-ChartD. Info grafis manual
B. Info grafis digitalE. A-I-H
C. Fish bone
24. Palaku utama dina carpon anu ngabogaan watek kurang hadé, goréng adat atawa jahat disebut ogé palaku …..
A. ProtagonisD. Figuran
B. TritagonisE. Antagonis
C. Tambahan
25. Lantaran disebut ogé carita pondok, lobana kecap dina karangan carpon biasana ngawengku …..
A. 10.000-20.000 kecap
B. 1.000-1.500 kecap
C. 500-1.000 kecap
D. 1000-2000 kecap
E. 5000-10.000 kecap
26. Konflik dina carpon mah biasana basajan atawa teu pati ngarancabang teuing, biasana mangrupa …..
A. 2 atawa 3 babakD. Skétsa
B. 2 atawa 3 adeganE. Épisodeu
C. Peristiwa gedé
27. Puseur sawangan nu dipaké upama palaku dina carpon ngagunakeun kecap kuring nya éta …..
A. Jalma kahijiD. Panitén
B. Jalma kaduaE. Pangarang
C. Jalma katilu
28. Ciri utama nu ngabédakeun novel jeung carpon téh nya éta …..
A. Ukuran caritanaD. Watek palakuna
B. Cara sumebarnaE. Sétting caritana
C. Sifat imajinasina
29. Panasaran maluruh téh nepi ka lembur, tapi anggur nambah kasedih, meunang béja mitoha duanana maot. Upama dititénan, kalimah di luhur téh ngagunakeun salah sahiji unsur kecap panyambung anu ngagabungkeun hiji kalimah jeung kalimah séjénna. Nu kaasup kana kecap panyambung dina kalimah di luhur nya éta …..
A. TéhD. Tapi
B. NepiE. Meunang
C. Ka
30. Kecap anu nyambungkeun bagian kalimah anu hiji jeung kalimah anu séjénna, sarta bisa ditunda di awal kalimah atawa di tengah kalimah disebut …..
A. KonjungsiD. Rajékan
B. PréposisiE. Panganteur
C. Pangantét
31. ….. usum hujan, moal rék ngurangan sumanget indit ka sakola. 
Kecap panyambung nu paling merenah pikeun ngalengkepan kalimah nya éta …..
A. BohD. Beuki
B. LeuwihE. Tapi
C. Sanajan
32. Istilah kecap pangantét nu fungsina pikeun ngawangun fraseu pangantét nu biasa ditulis di hareupeun kecap barang atawa fraseu barang bisa disebut ogé …..
A. PréposisiD. Kantétan
B. KonjungsiE. Rajékan
C. Asimilasi
33. Cara nuliskeun kecap pangantét anu paling merenah aya dina kalimah …..
A. Nepi ka nu dijugjug, dipapag ku lagu degung tina tip.
B. Nepika nu dijugjug, dipapag ku lagu degung ti na tip.
C. Nepi kanu dijugjug, dipapag ku lagu degung tina tip.
D. Nepikanu dijugjug, dipapag ku lagu degung ti na tip.
E. Nepi ka nu dijugjug, dipapag ku lagu degung ti na tip.
34. Sabari kukulutus, tungtungna supir téh asup ….. mobil. Kecap pangantét nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah nya éta …..
A. KanaD. Dina
B. TinaE. Ka
C. Ti
35. Hikmah, pesen moral, pangajaran, atawa teladan nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu macana ngaliwatan carita disebut …..
A. Point of viewD. Plot
B. SéttingE. Jejer
C. Amanat
36. Kalimah anu paling merenah di handap ieu dumasar kana undak-usuk basana nyaéta …..
A. Kuring mah wangsul sakola téh sok ngadon nyimpang heula ka warung seblak langganan.
B. Ari manéh iraha datang ti Jakarta? Kuring asa teu apal inditna ogé.
C. Indung urang mah keur udur, matak teu bisa datang ka sakola nyokot rapot.
D. Pun bibi geus lila pindah rorompokna ti Cimahi ka Cibiru.
E. Abdi mah tuang ogé sakasampeurna, maklum nuju riweuh pisan kagiatan di sakola.
37. Kecap-kecap nu kaasup kana ragam basa lemes keur sorangan nyaéta …..
A. Mulih-dongkap-sumping
B. Tuang-bumi-angkat
C. Rorompok-mios-neda
D. Tuang-kulem-bantun
E. Bumi-teu damang- nyandak
38. Kecap wangsul upama dilarapkeun kana kalimah nu merenah nyaéta …..
A. Pun bapa nembé wangsul ti Bandung.
B. Kuring wangsul ti sakola jam 15.00.
C. Ibu guru mah wangsul ti sakola langsung ngajemput putrana di Play Group.
D. Abdi nembé wangsul ti Tasik téh pas bada magrib pisan.
E. Sim kuring karék wangsul ti imah babaturan téh bieu.
39. Nu disebut ragam basa loma téh mangrupa basa atawa kekecapan nu biasa digunakeun dina obrolan sapopoé jeung jalma anu dianggap geus akrab, contona dina kalimah di handap ieu …..
A. Indung manéh geus sumping can ?
B. Urang mah moal bisa saré lamun can dahar heula téh !
C. Lanceuk urang kamari karék mulih ti bumi uwa.
D. Manéh geus neda atawa acan ?
E. Abdi mah sok karagok mun ulin ka imah Si Uli téh !
40. Kalimah nu kaasup kana ragam basa lemes keur ka saluhureun dina kalimah di handap ieu nyaéta …..
A. Pun biang angkat ka pasar téh saatos netepan subuh.
B. Sim kuring parantos mios ka sakola tabuh setengah 7 mah.
C. Bapa nuju neda di ruang makan nyarengan pun Aki.
D. Kamari abdi pendak sareng tuang rama di rorompok pun paman.
E. Naha Ema teu acan mondok kénéh sangkilang tos wengi kieu ?

II. Jawablah pertanyaan di bawah ini dengan benar!

41. 

Soal dan Kunci Jawaban PAS/UAS Bahasa Sunda Kelas 11 SMA/MA Semester 1 Tahun Pelajaran 2021/2022

Bagi Bapak/Ibu Guru yang berminat mengunduh Soal & Kunci Jawaban UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 11 SMA/MA Tahun Ajaran 2021/2022 berformat File Microsoft word, Silahkan klik link Download Soal & Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 11 SMA/MA dibawah ini:
Soal PAS/UAS Bahasa Sunda Kelas 11 SMA/MA Semester 1

Versi 1
Catatan: Admin telah mensetting pengaturan File Soal UAS Bahasa Sunda Kelas 11 Semester 1 ini ke mode Editor, Supaya Anda dapat langsung mengelola, menambahkan, mengedit materi Soalnya secara online di Google Document jika ingin mengubahnya terlebih dulu sebelum mengunduhnya. Namun Jika tidak, silahkan langsung saja download soalnya.

Akhir Kata

Demikianlah postingan seputar Soal PAS/UAS Bahasa Sunda Kelas 11 SMA/MA beserta kunci Jawabannya Semester 1 (Ganjil/Gasal) Kurikulum 2013 (K13) revisi 2018 Tahun Ajaran 2021/2022 yang dapat Andronezia Bagikan. Semoga bermanfaat.!!

Related posts